Sabtu 06 Feb 2021 10:39 WIB

Sastra Sunda: FADE OUT

Fade Out bercerita tentang cinta, cemburu, dan rindu seorang bernama Wiwil

Rep: ayobandung.com/ Red: ayobandung.com

Pengantar Redaksi

“Fade Out” cerita pendek Sunda (carpon) yang terpilih terbit Sabtu ini. Penulisnya, Toni Lesmana lahir di Sumedang. Menulis sajak dan prosa dalam bahasa Sunda dan bahasa Indonesia. Berberapa kali pernah mendapat penghargaan LBSS. Buku yang pernah terbit, kumpulan carpon. Carita Lain Caritakeuneun, (Geger Sunten, 2013).

Buku puisinya, Tamasya Cikaracak, masuk 5 nominasi  Kusala Literary Award 2017; Peta Dalam Rumah mendapat anugerah 5 buku puisi terbaik Hari Puisi Indonesia 2020. Kini, tinggal di Ciamis.

“Fade Out” bercerita tentang cinta, cemburu, dan rindu seorang bernama Wiwil. Kalau sedang kambuh, ia membentur-benturkan kepalanya ke benda apa saja, termasuk ke batu bulat yang tersebar di trotoar jalan Bandung. Ia mengangkat batu bulat itu, dan mengangkatnya. “Aing Sipupus, sia saha?”

 

Sastra Sunda:

FADE OUT

TANGGAL èta bulan èta taun èta. Poè èta. Awak uing ngajanteng hareupeun kalèndèr. Ieung. Geus sabulan. Tapi angger poè èta. Angger wè tanggal èta, bulan èta, taun èta. Eusi kalèndèr ukur tanggal èta bulan èta taun èta. Maenya kalènder salah cètak, apan uing sorangan nu nyieun kalènderna. Gambarna ogè ku potrèt Maaneehni keur ngetik, maok-maok nyètak sorangan di tempat gawè. Boa dunya nu teu usik. Saban poè sarua waè. Simpè. Jeung Nyeri. Jeung peurih.

Panon ngarèrèt jam luhureun pigura lukisan. 5.30. Geus subuh deui waè geuning. Subuh tangtuna. Sakieu simpèna. Simpè di luar. Tapi ngageder di jero. Jero sirah. Asa cikènèh sorè tèh. Asa cikènèh pisan ngadagor-dagor sirah kana roda tukang batagor hareupeun kantor percètakan “Putra Walikota Jaya”, tempat gawè uing sapopoè.

Pada ngarejengan ku batur sapagawèan mangsa dikepung ku tukang dagang sapanjang trotoar jalan. Kompak kituna mah, sabot roda batagor ngajurahroh, brul tèh tina saban roda dagangan nu ngajajar, rabul nu nu rèk ngaboro uing, siga siraru usum ngijih. Coba mun kompak kitu teh ka aparat nu remen ngarazia, atawa kompak ngontrog walikota anu nitah ngaburak-barikna. Tah, ka walikota. 

Teu kaburu buk-bek, najan peureup geus tingarulang ogè da uing jol neunggeulan dada, siga tarzan, siga kingkong, nerejel tina rejengan, tuluy ngarontok batu buleud nu ngajajar sapanjang trotoar jalan Balaga. Ngagalèntoran batu. Der wè sirah didagor-dagor kadinya, teu ukur kitu, keup batu buleud nya gedè èta ditangkeup tuluy diangkat. Disuhun. Dijungjungkeun luhureun sirah. Lempengan embun-embunana. Duka tanaga ti mana. Rosa. Ketang mun keur karasa kitu mah da sok ngadadak rosa.

“Aing Sipupus, sia saha? Aing Sipupus, sia saha?” kitu uing ngagerendeng bari ngajanteng gigireun tihang lampu jalan anu lebah pucukna aya mèongan. Ngajanteng bari ngajungjungkeun batu buleud luhureun sirah, persis pamaèn baskèt rèk ngalungkeun bal kana karanjangna. Reg wè anu ngarepung tèh. Duka sieun, duka kasima, duka lamun karunyaeun.

Kepungan tingrarengkog. Nyingray, marengan nyingrayna mèga mendung di langit kulon. Layung nu kabendung mendung jol ngalèmbèrèh di langit, konèng beureum kayas gandola. Langit ngagandola bet siga tèrong nu kari nyetrok, kètah siga kucubung nu matak burung. Siga pulas mangsi pulpèn Maaneehni nu ngajungjurigan.  

“Punten, sing hawatos, nuju katurelengan ku cinta.” Kitu batur sapagawèan kapireng ngabeberah tukang batagor nu huntuna asa beuki ngohngor sabot megung napsu nènjo rodana, nu sabada ngajurahroh didagoran sirah tèh apan pada tuluy nincak kunu rèk bèla ka manèhna.

“Aing gè kungsi ngalaman cinta, tapi tara dadagor ka batur! Alahbatan razia aparat.”

“Puguh bènten ieu mah.”

“Bèda naonna? Sarua manusa!”

“Panjang cariosna. Cinta, sono, timburu....”

“Pondokna! Saha nu rèk tanggung jawab? Walikota?”

Kateuing kumaha kadituna èta paguneman tèh da sabot ningali babaturan gawè arudunan bari jaramedud. Jaramedud ge balageur, tara lapor ka dunungan mun uing remen ngagerebeg. Uing mah kalah tuluy leumpang mapay trotoar, kabandang ku curulung layung di belah kulon.

Nyaan gedur durukan jero sirah tèh dak dumadak ngaleutikan. Ngaleutikan. Hèabna karasa pindah kana batu. Uing leumpang bari nyuhun batu sapanjang jalan anu horèng brasna ka kamar kontrakan uing pisan. Kamar ieu pisan. Batu dikeukeupan. Les wè. Pules. Karèk ngarasa sarè tibra salila sabulan campleng. Hudang-hudang geus aya di kamar mandi. Buligir bari rancucut.

Tina ngarèrèt jam, panènjo tèh bet ngarengkog lebah eusi pigura. Gambar sirah bencar, panon bitu, otak muncrat, rèa huruf mancawura jeung bulan, bèntang, palu, arit, bandera, beha, cangcut, kondom jeung rèa deui. Pulasna sareukeut. Lukisan pamèrè seniman èdan, Zuulfaah Naasluh. Rèk teu èdan kumaha, bèja ti jinisna pisan, lamun rèk ngalukis si èta mah kudu bubuligir heula ngurilingan lembur. Can èdan pisan kètang, da peuting kikituanana. Coba mun beurang. Pamaen titer nu kawentar presidèn gelo, Guusjoor Masia, gè èlèh, ukur wani bubuligir luhureun panggung.

Baheula mah, baheula pas si Zuulfaah mèrè lukisan èta teu sing kaharti, boroning ngarti, lieur wè nu aya. Nanahaon alusna gambar siga kitu. Dipasangna ogè ku manèhna sorangan. Mapantes lebah-lebahna, mèh sapoè sapeuting, padahal 4 dinding tèmbok kamar ukuran 3 ka 3 mah apan sakitu-kituna, malah lalangitna depek. Mèh tengah peuting, bari buligir, karèk si Zuulfaah surak bari dangdak-dèngdèk nempo lukisanana nu geus napel handapeun jam dinding.

“Merenah pisan, Wil! Pas jeung jam. Waktu jeung hulu. Hiji waktu silaing bakal ngarti. Waktu ancur, dunya ancur, sagalana ancur. Sagalana. Relijius siah. Silaing moal ngarti. Tapi hiji waktu pasti bakal ngarti, sabab dèwèk ngadadak hayang mèrè lukisan ieu ka silaing.” Biur wè numpak motor bari bubuligir. Uing harita ngabirigidig. Aya untungna uing mah saukur tukang buburuh di percetakan. Lain seniman.

Nepi ayeuna baju jeung calanana ngalumbuk kènèh di juru kamar numpuk, bulukan. Ngereles teu jebul deui. Duka taun sabaraha. Ngahaja teu toèl-toèl tèh sieun katèpaan. Nya baju calanana, nya lukisanana. 

Paingan si Maaneehni remen muji lukisan ieu mun pareng sarè di dieu, ayeuna bèt karasa alus lukisanana tèh, heueuh. Boa si èta gè baheula keur nyieun lukisan ieu tèh keur remek ku urusan ècèng. Koplok, tèh. Relijius, relijius nu puguh mah nyeri hulu. Hulu sagala rupa. Nya hulu, hulu angen, hulu....

Nyaan. Asa nempo hulu uing sorangan. Bencar. Bencar eusina. Atuh jam katènjona nyurulung, ngucur siga layung tadi sorè, ngabalur sirah nu mancawura. Waktu ancur, hulu ancur, agama ancur, nagara ancur.  Nyaan jenius si Zuulfaah. Anarkis relijius pisan. Kiamah. Anying. Urusan cinta waè nepi kana kiamah si èta mah.

5.30. Uing ngadègdèg kènèh, buligir, rancucut. Nyeri jeroeun sirah nu nyiksa saban peuting salawasna nuyun uing ka kamar mandi. Nyeri nu nuyun leungeun uing ngaguyur buuk jeung huluna. Ngaguyur sakujur nu nangtung. Sadar teu sadar. Kitu mun nyeri geus muncak, ngarambatkeun hèab ka saban urat, muriang nyasrak teu kapalang.

Mun geus kitu, duka iraha ngontoyongna, awak uing sok jol geus aya di kamar mandi. Gegejeburan. Sakapeung mah malah geus ngeueum dina bak. Nepi sagalana karasa tiis. Nepi noroktok. Sok rada hampang sirah teh. Ngan angger wè  aya sirahan. Padahal mah mending leungit wè sirah tèh. Nyerina ogè pasti milu euweuh.

Geus sabulan campleng kieu tèh. Rèa kajadian ahèng saprak manggihan surat dina laci mèja Maaneehni. Si pelem. Surat cinta. Tara-tara kakaratak, harita mah sabot Maaneehni kuramas uing bet metot laci mèja gawèna anu mèlèngè. Keur metot bari lalangkarakan, kagareuwahkeun sora tokè. Kabetot sakaligus. Atuh ragrag ninggang pisan embun-embunan, congona pisan.

Muringis-muringis ogè cengkat rèk ngasupkeun laci kana parantina, na èta mah lebah dadasar handapeun pernahna laci, katènjo amplop kayas. Kandel. Panasaran deuih, sangkaan mah duit, barang dibuka, keretas surat metet. Kalah dibaca deuih. Ieung, surat Maaneehni jang walikota.

Di jaman canggih horèng jaman heubeul bisa dipakè tempat nyamuni anu buni. Moal kasusud tapak digitalna. Antik ngabetrik. Gur. Nyeri sirah balas embun-embunan katinggang laci jol tambah nyeri, asa aya seuneu hurung ngabebela tuluy ngabeledag. Bencar di jero. Persis gambar si Zuulfaah. Lah-lahan ngasupkeun deui keretas surat kana amplop, laci kana parantina. Ngadègdèg. Lèos wè. Mèh buligir. Ukur mamakè sarung, mapay subuh. Padahal sajam deui rek nganteur Maaneehni ka stasion, rek indit rèsidènsi sabulan meuntas pulo. Sabulan ngadon nulis dibiayaan ku Walikota.

Ti harita. Nyeri sirah. Ti saprak katinggang laci tempat nyamunina surat kayas tèa, sirah nyerina teu kaubaran ku obat naon waè, ka dokter kalah diseungseurikeun, ka dukun kalah diceuceuh, curhat ka babaturan kalah digeuhgeuykeun, leuwih parna deui basa balaka ka Maaneehni nu keur ngumbara, kalah dinaha-naha. Tuluy nyarèkan laklak dasar dina telpon, dina chat, dina inbok. Les, tara mèrè bèja jeung carita.

Nganglesna tèh, èta mah susuratan jeung dirina sorangan. Tokoh imajinatif cenah. Bahan keur ngarang cenah. Teu kahalarti. Maaneehni kungsi nitah uing macaaan kolèksi bukuna anu numpuk mèh noèl lalangit kamarna. Mèh pinter, kitu omongna baheula. Mèh teu ngèrakeun mun diajak masamoan, pangarang tèa palinter. “Wil, ulah atoh jadi jelema belegug.” Ih, geus pinter rarasaan mah kalah dicarèkan. Boa beuki bodo. Heuheuy. Walikota, coba. Panungtungan apan Maanehni kungsi nyarita nyieun naskah monolog pesenan jang walikota.

Teuing lamun boga diri loba siga dina filem. Diri sèjènna tèh walikota. Tuluy bogoh ka dirina sorangan. Susuratan jeung dirina sorangan. Siga diari. Teuing, ah. Kapok. Da bogoh nya ngabetem wè tungtungna mah. Rumasa salah geus kakaratak, rumasa salah boga rasa panasaran. Nya, ngararasakeun durukan jeroeun sirah we.

Kekecapan dina surat tèa, peureum kadeuleu beunta karasa. Alah batan ririwa, da ieu mah ngajirim. Coba, jirim kekecapan. Di mamana. Ka mamana. Ngalèlèwè. Atuh nyeri sirah ngurunyung teu nyaho di waktu. Cilakana, lamun teu manggih kamar mandi, teu manggih cai jang ngaguyur hulu, awak teh sok laju ngadagor-dagor sirah kana naon waè. Siga kajadian sorè tadi. Teu pira, keur anteng ngèdit gambar logo tukang kiripik anu rèk nyieun stiker, salah muka file gambar, kalah file gambar surat.

Atuh torojol wè nyeri jeung peurih kaduruk dina jero sirah. Parnana deui, lèdeng di kantor keur pareum. Saat pisan. Gerebeg wè. Sirah ngagusur awak. Beledug kana panto, beledag kana mèja.

“Masjid  Agung, Wil, Masjid Agung. Moal aya pareumna...” Hawar-hawar sora nu ngiberan, halon kacida, sada tina dada.

Awak merod sabot sirah ajol-ajolan kènèh ngahèdènan lomari beusi. Babaturan gawè mimiti ngarejengan ti jero kantor kènèh. Terejel. Belecet. Beledug kana tèmbok pos satpam. Beledag kana beusi gerbang. Lol kana trotoar, roda batagor warna kayas. Bray. Amplop. Brèh. Breng kekecapan Maaneehni jogol jeung potret walikota dina roda batagor. Jogol.

Teu antaparah sirah merod laju nyèrèd awak. Beledug-beledug. Ngadagor-dagor karep kana roda batagor. Nepi ngajurahroh. Rodana. Nepi baloboran. Sirah uingna. Hèsè dieureunkeun sakadang sirah tèh. Nyeri dadagor teu ngèlèhkeun nyeri peurih kaduruk jeroeun babatok.

Aya longsong tèh sabot ngarontok batu. Ngagalèntor batu. Ngajungjungkeun batu luhureun sirah. Ahèng. Genah kana sirah. Padahal mah ngarontok batu tèh paneumbleuhan bongan beungeut walikota molotot lebah dinya, jaba apan batu èta jieunan jeung teuteundeunan walikota.

Genah sirah teh, sok komo dibarengan ku ngagerendengkeun ngaran anyar uing. Asa jampè matih. Siga aworna dunga jeung rasa rumasa. Cenah dua èta obat pangmujarabna. Tambah hiji deui ayeuna mah, batu. Jadi tilu obat mujarab tèh. Cespleng. Nyeri peurih tèh asa pindah kana batu nu aya luhureun embun-embunan, embun-embunan nu katinggang laci tèa. Asa pupus saharita nyeri sirah tèh. Pupus. Maot. Modar kanyeri tèh. Asa hadè, èta kecap. Matak ti tadi sorè uing kayid ganti ngaran jadi Sipupus.

Kaharti ayeuna naon pangna walikota nyieun batu kitu patut tuluy diteundeunan sapanjang jalan kota Badungbangplak ieu. Meureun keur ubar nyeri sirah uing. Mun ngitung lobana batu buleud kitu sapanjang jalan kota ieu, tangtuna loba pisan nu nandangan kasakit siga uing, ngan bisa jadi can arapaleun obatna geus disampakkeun ku walikota di trotoar. Pinter pisan. Nyieun kanyeri sakaligus jeung obatna. Mun nyalon deui rèk dipilih, siah. Dipilih ku gegendir.

Jam 5.30 kènèh. Ret kalènder. Maneehni keur ngetik. Tanggal èta bulan èta taun èta kènèh. Poè èta kènèh. Geus sabulan kuduna. Waktu sigana macèt. Dunya macèt.

Ah, mending ngarontok batu. Ngagalèntor batu. Awak nu tadina rèk muka lomari baju, rèk makè baju kalah disèrèd ku sirah kana kasur. Nangkeup batu. Ngangkat batu. Nyuhun batu. Ngajungjungkeun batu luhureun embun-embunan.

Nyaan rosa tanaga kanyeri mah. Jung nangtung. Lain asa deui ieu mah hampang kacida sirah tèh. Meh euweuh sirah tèh ayeuna mah. Leungit jeung kanyerina. Ngaliwatan kalender. Ngaliwatan lukisan. Ngaliwatan gerung komputer. Foto Maaneehni minuhan layarna. Ngaliwatan panto nu horèng molongo. Ngalèngkahan amplop kayas. Badag. Kandel. Ngagoler dina tèhel tèras. Kahatur walikota katresna: Wiwil Lilifafahmi.... Amplop.

Di juru katuhuna aya deui tulisan gandola. Sidik ti Maaneehni. Manuskrip Kanyaah,  Wilujeng ulangtaun nu ka 26. Maaneehni.... Kekecapan. Eusina apan geus kabaca bari teu bisa poho sakecap ogè. Gerebeg deui jero sirah. Geuning walikota tèh? Mèh èbat mapatkeun jampè. Batu turun. Disuhun. Mèh lèsot. Dipanggul. Uing tuluy leumpang. Ninggalkeun kamar.

Mapay subuh siga harita. Sorangan. Mapay jalan kota. Batu nu nyeuseup seuneu jeroeun sirah tèh laun-laun hurung. Hurung siga panonpoè. Uing nyuhun-ngajungjung panonpoè. Mapay subuh. Mapay jalan kota ngajugjug ka blah kulon. Muru tungtung kulon, rèk mulangkeun batu nu kiwari geus jadi panonpoè, kateuteuari mun ukur dipulangkeun ka kantor walikota, cèmèn, rèk dipulangkeun ka lebah sayang layung nu sorè kamari ngucur ti tungtung langit lebah kulon. Boa si Zuulfah Naasluh ogè nyumput di dinya. Boa keur ngagambaran langit. Boa lebah dinya butuheun tukang nyieun stiker, ondangan, jeung kalènder.

“Aing Sipupus, sia saha? Aing Sipupus, sia saha?” Sapanjang jalan uing buligir mapatkeun jampè matih. Matih. Sora uing mèh siga sora panyajak nu kungsi dilalajoan, diajak ku si Maneehni, di gedong kesenian Dewikwik Asrik. Kameumeut si Maaneehni. Teu ngarti kana sajakna mah. Ngan sorana. Ngagerem tur ngagaur. Mèh kitu sora uing sapanjang jalan ka kulonkeun.

Atuh, rèa nu tingalabring nuturkeun muru kulon. Duka kasima. Duka karunyaeun. Aya nu midèo sagala rupa. Beungeut hape tinggarateng nyegat di saban parapatan. Tangtuna vidèona geus viral. Boa sarilaing gè geus lalajo. Tah, èta uing. Sipupus. Leuwih gèlo ti Guusjoor Masia, nu ukur wani buligir di panggung, leuwih èdan ti Zuulfaah Naasluh nu ukur nguriling buligir ti peuting. Uing mah beurang peuting. Buligir bari ngajungjung batu luhureun embun-embunan. Di mamana. Ka mamana. Batu anu tambah ngagedur ngabebela. Uing lir anu keur mawa seuneu olimpiade. Mimitina diabring-abring budak leutik, kadieuna pada ngalalajoanan.

Saeusi kota ngadadak somèah. Sur-sor baju jeung dahareun. Uing ukur gideug. Teu matak èbat mapatkeun jampè. Teu saeutik nu hayang mantuan pangmawakeun batu. Sawarèh nyadiakeun kandaraan. Tapi keukeuh nikreuh. Teu rereuh. Ieu keur bukti ka Maaneehni. Ti kota ka kota. Uing rèk mulangkeun seuneu ka sayangna. Matak masrahkeun seuneu kana jero sirah gè meureun bakat ku asih. Uing tuluy muru kulon. Hapè jeung kamèra ngabeberik. Drone jeung hèlikopter tingbelesur mayungan. Layar badag mintonkeun lalampahan uing jeung batu. Jampè uing ngajeblag di mamana.

Di hiji palabuan. Tungtung pulo. Lebah darmaga. Hujan angin dor-dar gelap. Nu naluturkeun undur ti pakalangan. Saukur aya nu lumpat ti tungtung darmaga. Rigigna, Maaneehni. Maanehni mulang. Mèh èbat kana jampè. Teu. Maaneehni mah teu kungsi ka mamana. Maanehni aya di dieu dina diri uing nu rangsak ku kasono.

Maaneehni mawa salambar kaèn tenun. Boa olèh-olèh. Gabrug. Rap kaèn disampaikan nutupan awak uing nu buligir. Teu ditampik. Leungeunna laju ranggah, ngaragamang kana batu nu langgeng ngabebela. Milu nyuhun, milu ngajungjung. Lèngkahna marengan lèngkah uing. Lebah tungtung darmaga. Babarengan mulangkeun batu panonpoè ka sayangna, mèga mendung lebah kulon. Ku duaan dialungkeun. Tanaga nu rosa teh dibantuan ku Maaneehni mah jadi rosa kacida. Da lamun ku uing sorangan mah biheung nepi, boa bakal ngecemplung ka laut. Tuluy dipulung deui, ngecemplung deui. Boa bakal kitu jeung kitu nu kaalaman ku uing. Lebah dieu, uing surti. Maaneehni.

Melentung, lir pelengkung belesurna bola baskèt, batu panonpoè dialungkeun. Melengkung. Seuneuna ngarerab hujan jeung angin. Blus kana sayangna. Bray. Mèga nyingray saharita. Layung ngempur di mamana. Koneng beureum kayas. Kayas di mamana. Pareng gandola ngabalur langit kulon. Nu surup laput na suku langit. Maaneehni metot leungeun, nunjuk ka tebeh wètan, bulan buleud beureum lir orok. Ngangsrod. Laun-laun pèrak. Leungeun Maaneehni ngaragap dada uing. Jol ngebrak purnama jeroeunana. Purnama.

Maaneehni. Di mamana. Ka mamana. Maaneehni horeng minuhan dada. Dada nu kapopohokeun ku seueneu jeoreun sirah. Sirah nu kiwari hampang kacida. Eusina cèkas Maaneehni ogè. Maneehni malulu. Di mamana. Ka mamana. Teu ingkah. Nyayang siga waktu. Kasatiaan waktu.

Breng deui drone jeung hèlikopter. Lampu tingsalebrot.

“Aing...” teu kebat, èbat kunu nyiwit cingir laju ngusapan embun-embunan.

“Wiwil Lilifafahmi..... Walikota Katresna Maaneehni. Sipupus mah geus mulang ka sayangna, Wil.” Harèwos nu megat  kalimah jampè. Maaneehni tuluy nangkeup geugeut. Uing asa brol deui. Brol anu katilu kali. Brol ti ema. Brol basa mimiti tepung jeung Maaneehni. Brol deui kiwari, lir orok bulan dina aisan asih jeung kanyaah.

***

PANGGUNG gedong Dewiwik Asrik. Lampu follow. Nyorot sakujur Wiwil nu nyuhun buku pulas layung ngempur di puseur panggung. Laun, dina beuledan lampu nu laju maju nuturkeun, nyorot usik ringkangna, dumarègdèg Wiwil turun ti panggung seja mungkas pintonan sabada ampir sajam macakeun carpon-carponna, leumpang gumeleter ngajungjung buku luhureun embun-embunan, lalaunan muru kuloneun panggung, leumpang muru korsi gandola pangjuruna. Maneehni. “Wilujeng ulang taun nu ka 99, Jungjunan....” harèwos Wiwil ku hègak panyèsaan. Buku ragrag mèh bareng jeung awak Wiwil, dirangkul ramo-ramo nu lilinieun lebah lahunanana. Ramo jeung lahunan Maaneehni. Fade out.

Saeusi gedong hareugeueun, sabot laun-laun gedong meredong. Harèmeng bet bisa kataji najan teu ngarti. Maranèhna milu ngarasa, genjlong ku lentong  kalimah-kalimah Wiwil dina basa, nu di dunya, kari duaan nu makè tur ngarti kana èta basa. Ukur Wiwil jeung Maaneehni. Salaki-pamajikan. Nu kiwari silih rangkul lebah korsi gandola juru kulon. Teu arusik-usik. Teu arusik ku lampu nu parat pareum. Teu arusik ku mongklèng. Teu arusik ku brayna lampu saeusi gedong. Teu arusik nu sora keprok nu bangun moal aya pegatna.

 

 

 

 

Advertisement
Berita Lainnya
Advertisement
Terpopuler
1
Advertisement