Sabtu 30 Jan 2021 08:37 WIB

SASTRA SUNDA: Di Classic Rock

Mun masalahna salaki salingkuh naon jalan kaluarna, Ja?

Rep: ayobandung.com/ Red: ayobandung.com
 Sastra Subda
Sastra Subda

Pengantar Redaksi

Cerita pendek (carpon) Sunda yang terpilih Sabtu ini adalah “Di Classic Rock”, karya Wida Waridah. Wida menulis dalam bahasa Sunda dan bahasa Indonesia. Tulisannya tersebar baik puisi atau cerpen di beberapa media.

Bukunya yang sudah terbit Laila dan Laki-Laki Penghitung Gerimis (Ultimus, 2015) serta kumpulan puisi Risalah Mainan (basabasi, 2019). Kini, Wida tinggal di Ciamis, Jawa Barat.

“Di Classic Rock” bercerita tentang Anya yang kecewa karena diselingkuhi Farid, suaminya. Di sebuah café, Anya ditemui--lebih tepatnya ditolong--Jati, teman lamanya yang memendam cinta kepada Anya. Anya pun mengajak berselingkuh kepada Jati biar adil—selingkuh dibayar selingkuh.

-- Redaksi

 

SASTRA SUNDA:

Di Classic Rock

WAYAHNA datang ka Classic Rock ayeuna kènèh. Sigana Anya keur galau pisan. Mun  bisa mah langsung anteurkeun balik. Hariwang. Hampura nitah. Ieu budak nu bungsu keur harèèng. Teu bisa ditinggalkeun.”

Uing ngaragameneng sabot ngabandungan sora Nia tina hènpon. Asa ngimpi. Tapi sasat apan can peureum tatadi gè. Tara bisa sarè mun can ngadèngè sora nu tahrim mah. Teuing kumaha. Geus lila siga kieu tèh. Hayangna mah siga batur, ngagolèr langsung guher. Tapi uing mah teu bisa ningan. Sok kalah ngumbar lamunan sabot awak ngagolèhè dina ranjang.

Cikènèh gè kitu. Kuring keur ngumbar lamunan, nyipta-nyipta mun isuk jaganing gèto boga mobil badag, rèk dijieun imah. Rèk indit ti hiji kota ka kota sèjèn. Moal dumuk di hiji tempat. Hayang ulin ngurilingan alam dunya. Kagareuwahkeun ku sora James Hetfield ngahaleuangkeun lagu Nothing Else Matters tina hènpon nu diteundeun luhureun mèja, gigireun ranjang.

“Buru, Ja. Bisi Anya kumaha onam.” Whatsap ti Nia pinuh kahariwang. Teu mikir panjang deui, uing muru garasi. Ngaluarkeun mobil butut tuluy nyemprung ka Jalan Braga.

Sapanjang jalan Braga jelema pasuliwer. Teu ngora teu kolot ngumpul sapanjang trotoar. Aya nu papasangan, loba ogè anu datang sabalad-baladna. Cafè-cafè pinuh katingalina mah. Uing nèangan tempat parkir rada jauh ti Cafè nu dituju. Parkiran sarua pinuhna.

Asup ka Classic Rock, panggung leutik geus dieusian ku Band nu mawakeun lagu-lagu rock. Vokalisna lalaki, buukna galing sataktak, umur 20an kacirina mah, sarèrètan asa ningali Arman Maulana. Rada hèsè manggihan nu ditèangan di hiji tempat nu jadi pangjugjugan loba jelema saban malem Minggu. Uing nguriling, nèangan nu diuk sorangan. Di lantai hiji teu manggih. Boa geus mulang kitu? Syukur mun geus mulang mah. Tapi sora Nia asa ngagambarkeun Anya moal mulang buru-buru lamun euweuh nu ngajak mulang.

Panasaran. Uing naèk ka lantai dua. Lantai dua disulap jadi balkon. Mèja-mèjana nyanghareup ka lantai hiji, ka lebah panggung nu masih kènèh ngagembrungkeun lagu rock.  Di lantai dua mah teu pati pinuh, sababaraha mèja masih kaciri kosong kènèh. Di juru bèh katuhu, di hiji korsi diuk Anya. Di luhur mèjana, kaciri aya gelas leutik jeung botol minuman.

“Ti iraha resep rock? Lain resep lagu mètal?” Uing diuk dina korsi kosong gigireun Anya.

“Ja, naha apal kuring di dieu? Pasti Nia nya nu nitah ka dieu?” Anya teu nembalan, kalah malik nanya.

“Lainna teu resep nginum? Naha ayeuna kalah nginum?” Uing ngarongkong botol Chivas dina luhur mèja. Botol langsung ditotor.

“Ja, ulah dibèakkeun. Kuring hayang kènèh. Karèk kaharti ayeuna mah, kunaon manèh resep nginum ti baheula. Nikmat ningan nya nginum teh. Kuring bisa poho sagala kasusah hirup.” Anya mèrè isyarat ku lengeunna supaya botol dibikeun ka manèhna.

Pantes Nia buru-buru nitah ka dieu. Ningan enya, hariwang ningali Anya. Asa lain manèhna. Asa lain Anya nu uing apal. Anya nu mandiri. Anya nu calakan. Anya nu nitah eureun nginum mun kapanggih uing keur mabok.

“Ja, buru ka dieukeun botolna. Kuring hayang bagja sapeuting ieu mah.” Anya rèk ngarebut botol nu ku uing dicepengan.

“Anya, mending mulang, yu. Geus peuting ieu tèh. Pasti barudak jeung salaki geus ngadagoan. Karunya. Bisi hariwangeun.” Uing cengkat bari angger botol mah dicepengan.

“Mulang ka mana, Ja? Mending gè urang ka hotèl. Urang salingkuh, yu. Kuring hayang ngalaman kumaha rasana salingkuh. Naon ngeunahna salingkuh, Ja? Kuring hayang apal.” Anya kalah muntangan leungeun, ngajak uing diuk deui. Kapaksa diuk.

“Sing yakin kabèh masalah aya jalan kaluarna. Tapi lain ku cara nu salah, Anya. Uing yakin, aya jalan kaluar tina masalah nu disanghareupan ayeuna. Mending mulang heula ayeuna mah. Karunya barudak.” Uing nyepeng leungeun Anya. Rèk sina cengkat.

“Mun masalahna salaki salingkuh naon jalan kaluarna, Ja? Mending salingkuh deui ceuk kuring mah. Kuring gè hayang apal, kumaha rasana salingkuh. Adil pan, Ja?” Anya semu ngagorowok ngomongna tèh. Untung musik ngagembrung, vokalisna masih ngahaleuangkeun lagu rock, sorana semu serak.

Salingkuh? Farid Salingkuh? Ti iraha? Naha Nia teu ngadongèng perkara ieu? Naha Nia gè teu apaleun kitu?

Farid, lalaki nu salila ieu ku uing dianggap lalaki paling bagja pedah bisa meruhkeun hatè Anya, nyatana kalah nèangan awèwè sèjèn. Padahal uing apal pisan kumaha Farid bèak karep ngadeukeutan Anya mèh Anya daèk dijadikeun kabogohna ti jaman Anya kuliah semèster dua.

Aya seuneu nu hurung dina jero dada. Ruhak nu can pareum pisan ayeuna asa dicebor ku bensin. Ngabebela. Seuneu dina dada uing ngabebela deui. Leungeun meureup. Mun seug aya Farid ayeuna di dieu, pasti peureup uing geus ngalayang kana beungeutna.

“Ja, kuring geus kolot, nya? Kuring geus teu geulis deui, nya? Cik, pangningalikeun, kuring geus nini-nini ayeuna mah, nya?” Anya ngadeukeutan. Jarak uing jeung Anya kari sajengkal. Sorot matana nyidem kasedih.

Naon sabenerna nu kurang ti Anya ayeuna, uing teu ngarti. Farid nu kapireungpeunan boa? Pikeun wanoja umur opat puluh taun mah, Anya kawilang masih geulis. Malah beuki geulis dina rarasaan uing mah. Naon nu ditèangan ku Farid sabenerna? Kuring gè teu apal. Teu bisa ngaragap hatè batur apan. Ngan ceuk rarasaan, mun uing dibèrè pamajikan siga Anya, asa moal mungkin salingkuh.

Sakanyaho uing mah, Anya bisa masak, pasakanna ngareunah, bisa ngurus barudak. Eta barudakna palinter jaba sopan. Apal adab ka kolot kudu kumaha. Kitu sotèh, pernah sababaraha kali panggih jeung barudakna basa nyimpang rèk nèang si mamah. Anya mah sok inget kanu jadi ibu kosna baheula. Mun balik liburan ti mana waè gè, sok ngahajakeun datang, mèrè olèh-olèh. Si mamah atoh kacida, asa dianggap cenah. Geus nganggap budak wèh ka Anya mah. Bongan teu boga budak awèwè cenah. Nya, apan uing budak hiji-hijina si mamah.

Mun kitu cenah urusan finansial. Rarasaan mah lain. Farid teu kudu hariwang ku urusan finansial. Manèhna geus jadi Kepala Dinas. Apan Anya boga usaha sorangan. Usahana maju. Duit lain masalah pikeun maranèhanana. Teuing mun urusan libido. Hawa nafsu. Uing moal apal. Tapi uing ningan bisa ngajaga hatè. Hatè uing ukur keur Anya. Ti baheula tug nepi ayeuna. Kalan-kalan, mun uing keur ngumbar lamunan, nyipta-nyipta mun Anya teh milih manèha lain milih Farid pikeun jadi salakina. Bagja temen. Tapi ayeuna?

“Anya geulis kènèh. Beuki geulis ceuk uing mah. Hayu mulang mending gè.” Uing cengkat. Embung lila-lila teuing cicing di dieu. Sieun aya sètan ngaliwat. Sieun.

Anya milu cengkat, tapi kalah bruk diuk deui. Tayohna pangaruh inuman. Kuring nyangkèh awakna. Tuluy turun ka lantai hiji. Laju kaluar cafè. Muru parkiran. Sapanjang jalan Anya teu loba ngobrol.

Leumpang duaan di Braga, ras inget ka jaman keur kuliah. Ngopi di cafe tungtung jalan tèh tiluan. Uing, Nia, jeung Anya. Ari Nia kalah dijemput ku kabogohna, antukna ukur uing jeung Anya nu ngopi. Mulang tengah peuting. Ulah balik kana angkot cenah, urang leumpang wèh. Nya ti Braga ka Dipati Ukur teh leumpang. Sapanjang jalan ngobrolkeun sagala rupa. Beu, asa karèk kamari kitu tèh. Ayeuna umur geus nincak 40 taun. Teu karasa.

Nepi parkiran, Anya didiukkeun di jok hareup. Langsung peureum katingalina mah. Uing ngahurungkeun mesin, laju kaluar ti jalan Braga, muru jalan Dago.

“Ja... Jati... kuring salah milih salaki meureun nya? Kuduna maneh nu jadi salaki tèh. Meureun moal salingkuh. Meureun kuring moal nyeri siga ayeuna. Meureun....” Anya teu kebat ngomongna.

Uing ngarèrèt ku juru panon, Anya neuteup anteb.

“Ulah kaduhung kunu geus dilakonan. Ayeuna mah mending fokus ka barudak. Teu  kudu nginget-nginget kanyeri. Mending olahraga, dahar nu bener, jaga kasehatan. Barudak beuki gedè bakal beuki butuh indung nu kuat, nu mandiri, nu teu elèh kunanaon. Uing apal Anya mah kuat. Matak naon leuwih kuat deui keur barudak.” Uing ukur bisa ngabeberah.

“Geus mènta talak. Hayang talak tilu sakalian. Tapi manèhna embung mèrè. Lalaki mah sarakah ningan nya. Hayang nu ngora bari embung leupas tinu kolot. Hayang ngeunahna hungkul sugan mah.” Sora Anya dareuda.

Uing teu nèmbal. Hayang nèmbalan, teu kabèh lalaki siga kitu. Uing hayang ngomong yèn uing masih lalagasan nepi ka ayeuna pedah inget ka manèhna. Teu bisa miceun ngaran manèhna tina jero dada. Tapi sieun jadi matak. Sieun. Uing masih kènèh hayang ningali Anya runtut raut jeung Farid, seniorna di kampus.

“Ja, urang ka hotèl, yu. Kuring embung balik ka imah. Salaki geus saminggu teu balik. Ngomongna mah aya urusan kantor ka luar kota. Tapi kuring apal manehna keur jeung kabogohna. Kuring geus kawin 15 taun jeung manèhna. Kuring bisa ngarasakeun ukur tina statusna dina mèdia sosialna hungkul gè.”

Uing ngebut. Nepi jalan Dago, geus teu pinuh jalan tèh. Ampir tengah peuting atuda. Palebah imah bodas, pakaranganna lega, mobil mèngkol. Reug eureun.

“Naha ka dieu, Ja? Uing hayang ka hotèl.”

“Anya, mun ka hotèl urang bisi jadi fitnah. Mun uing nganteurkeun ka imah ogè bakal jadi fitnah. Mending ayeuna mah mondok di imah Nia. Budak Nia keur gering. Anya bisa maturan Nia. Uing teu apal kudu kumaha, tapi Nia mah sigana bakal bisa mantuan.” Uing turun, laju mukakeun panto pikeun Anya.

Anya kaluar mobil bari dadaligdeugan. Uing buru-buru nelepon Nia. Teu lila, Nia kaluar muru uing jeung Anya. Uing sasadu, moal bisa lila. Nia semu nu maklum. Laju ngajak Anya ka jero imah.

Uing kaluar ti imah Nia, tuluy muru jalan Dago Atas. Hayang ngagorowok tarik pisan. Ngaluarkeun eusi dada nu beuki dieu asa beuki beurat karasana. Mun uing lain lalaki, Anya bakal dibawa indit. Rèk dibawa kabur. Rèk diculik. Siga Rahwana nyulik Sinta. Tapi uing lain Rahwana. Anya lain Sinta.

Advertisement
Berita Lainnya
Advertisement
Terpopuler
1
Advertisement